
Pamasangan
Lambar plastik nu ngalindungan ditempelkeun ka layar/ Anjeun kudu ngaleupaskeun
lembar plastik ieu samemeh make layar rampa. Lamun teu kitu, pungsi layar rampa bisa
jadi teu bener.
Pikeun nyelapkeun kartu SIM mikro
Ulah selapkeun kartu memori kana slot kartu SIM mikro.
8
Ieu pérsi Internét tina ieu publikasi. © Citak kanggo pamakéan pribados wungkul.

1
Selapkeun kuku jari ka liang nu aya di antara tutup slot kartu SIM mikro jeung alat,
teras leupaskeun tutupna.
2
Make ujung kuku jari, tarik wadah kartu SIM mikro kaluar.
3
Teundeun kartu SIM mikro ka wadahna, bari bagean nu warna emas dina kartu
SIM mikro eta ngadep ka luhur.
4
Selapkeun deui panahan kartu SIM mikro ka alat.
5
Pasang deui tutup slot kartu SIM mikro.
Nyelapkeun kartu SIM mikro kana alat tanpa panahan kartu SIM mikro bisa ngaruksak kartu
SIM mikro atawa alat Anjeun, jeung Sony Mobile heunteu ngajamin tur moal bakal
nanggungjawaban kanggo karuksakan nu disababkeun ku kajadian samodel kitu.
Pikeun nyelapkeun kartu memori
Ulah selapkeun kartu memori kana slot kartu SIM mikro.
1
Selapkeun kuku jari ka liang di antara panutup slot kartu memori jeung alat, teras
leupaskeun panutup kartu memori eta.
2
Teundeun kartu memori dina slot kartu memori, kontak nu warna emas ngadep ka
Anjeun, teras dorong kartu memori kana slot nepi kadenge sora ngonci.
3
Pasang deui panutup slot kartu memori.
Kartu memori bisa jadi teu dilengkepan ku pembelian di sadaya pasar.
9
Ieu pérsi Internét tina ieu publikasi. © Citak kanggo pamakéan pribados wungkul.

Pikeun nyabut kartu SIM mikro
1
Cabut panutup slot kartu SIM mikro.
2
Tarik panahan kartu SIMmikro ka luar.
3
Cabut kartu SIM mikro.
4
Selapkeun deui panahan kartu SIM mikro ka slotna.
5
Pasang deui tutup slot kartu SIM mikro .
Pikeun nyabut kartu memori
1
Pareuman alat.
2
Cabut panutup slot kartu memori, teras pencet ujung kartu memori tur
leupaskeun.
3
Tarik kartu kaluar pikeun nyabutkeunna.