Sony Xperia Z Ultra - Nyieun cadangan tur ngabalikkeun eusi

background image

Nyieun cadangan tur ngabalikkeun eusi

Biasana, Anjeun teu meunang nyimpen poto, video sareng eusi pribadi sejen ngan

saukur di memori internal alat Anjeun. Upami aya nanaon ka hardware, atawa upami alat

Anjeun leungit ayawa dicolong, data nu disimpen di memori internal eta bakal leungit

salilana. Anjeun disarankeun make software Xperia™ Companion pikeun nyieun

cadangan nu bakal nyimpen data Anjeun sacara aman ka komputer, nyaeta, alat

eksternal. Metode ieu hususna disarankeun upami Anjeun ngamutakhirkeun software alat

Anjeun ka versi Android nu anyar.
Make Jieun Cadangan & Balikkeun, Anjeun tiasa make cadangan online gancang

kanggo setelan dasar sareng data make akun Google™ Anjeun.

Penting pisan supados Anjeun inget kecap akses nu Anjeun setel basa Anjeun nyien cadangan

data. Upami Anjeun hilap ka kecap akses, Anjeun moal tiasa ngabalikkeun data penting

sapertos kontak sareng talatah.

Nyieun cadangan data ka komputer

Pake software Xperia™ Companion pikeun nyieun cadangan data tina alat Anjeun ka PC
atawa komputer Apple

®

Mac

®

. Anjeun tiasa nyadangkeun jinis data:

Kontak sareng log telepon

Talatah teks

Almenak

Setelan

Payil media sapertos musik sareng video

Foto sareng gambar

Pikeun nyieun cadangan data Anjeun make komputer

1

Pastikeun yen Xperia™ Companion jang Windows

( http://support.sonymobile.com/tools/xperia-companion ) atawa Xperia™

Companion jang Mac OS

( http://support.sonymobile.com/tools/xperia-companion-mac ) dipasang dina PC
atawa Mac

®

.

2

Sambungkeun alat Anjeun ka komputer nganggo kabel USB.

3

Komputer: Buka software Xperia™ Companion, mun teu otomatis dijalankeun.

Saatos sababaraha saat, komputer ngedeteksi alat Anjeun.

4

Pilih

Cadangan dina layar utama.

5

Turutan parentah di layar pikeun nyieun cadangan data ti alat Anjeun.

Pikeun ngabalikkeun data Anjeun make komputer

1

Pastikeun yen Xperia™ Companion jang Windows

( http://support.sonymobile.com/tools/xperia-companion ) atawa Xperia™

Companion jang Mac OS

( http://support.sonymobile.com/tools/xperia-companion-mac ) dipasang dina PC
atawa Mac

®

.

2

Sambungkeun alat Anjeun ka komputer nganggo kabel USB.

3

Komputer: Buka software Xperia™ Companion, mun teu otomatis dijalankeun.

4

Klik

Balikkeun.

5

Pilih payil cadangan ti rekaman cadangan, teras ketok

Salajengna tur turutan

parentah di layar pikeun ngabalikkeun data ka alat Anjeun.

133

Ieu pérsi Internét tina ieu publikasi. © Citak kanggo pamakéan pribados wungkul.

background image

Nyadangkeun data make aplikasi Cadangan & Malikkeun

Make aplikasi Cadangan & Malikkeun, Anjeun bisa nyadangkeun data sacara manual

atawa ngahurungkeun pungsi nyadangkeun otomatis jang nyimpen data dina waktu nu

tangtu.
Aplikasi Cadangan & Malikkeun disarankeun jang nyadangkeun data saacan Anjeun

ngalakukeun reset data pabrik. Ku aplikasi ieu anjeun bisa nyadangkeun jinis data ieu

kana kartu SD atawa kana alat panyimpenan USB eksternal nu geus disambungkeun

make adaptor USB Host kana alat anjeun:

Tetengger

Setelan sistem

Kontak

Paguneman

Data almenak

Payil media

Gumantung kana versi aplikasi Cadangan & Malikkeun nu dipasang dina alat Anjeun, Anjeun

bisa wae moal bisa nyadangkeun jeung malikkeun data antawis versi Android nu beda,

contona, lamun ngapdet tina versi Android 4.4 kana versi 5.0. Tapi, lamun Anjeun make

aplikasi Cadangan & Malikkeun versi 1.1 (atawa nu leuwih anyar), Anjeun bisa malikkeun data

Anjeun diantawis apdet eta. Anjeun tiasa mariksa versi aplikasi Cadangan & Malikkeun dina

Setelan > Aplikasi > Sadayana > Cadangan & balikkeun.

Malikkeun eusi nu dicadangkeun make aplikasi Cadangan tur balik

1

Lamun anjeun nyadangkeun eusi kana alat panyimpenan USB, pastikeun alat

panyimpenan eta nyambung kana alat anjeun make kabel nu sasuai. Lamun

anjeun nyadangkeun kana kartu SD, pastikeun kartu SD diselapkeun sing bener

kana alat anjeun.

2

Tina Layar Utama anjeun, ketok .

3

Panggihan sarta ketok

Jieun Cadangan & Balikkeun.

4

Ketok

Jieun cadangan, tur pilih tujuan cadangan jeung jinis data nu arek

dicadangkeun.

5

Ketok

Cadangkeun ayeuna.

6

Asupkeun kecap akses kanggo cadangan tea, teras ketok

OKE.

Jang malikkeun eusi make aplikasi Cadangan tur balik

1

Lamun Anjeun malikeun eusi ti alat panyimpenan USB storage device, pastikeun

alat panyimpenan disambungkeun kana alat Anjeun make kabel nu sasuai. Lamun

Anjeun malikeun eusi ti kartu SD, pastikeun kartu SD bener diselapkeunna kana

alat Anjeun.

2

Tina Layar Utama anjeun, ketok .

3

Panggihan terus ketok

Jieun Cadangan & Balikkeun.

4

Ketok

Balikkeun.

5

Pilih arsip nu hayang dibalikkeun, teras ketok

Balikkeun ayeuna.

6

Asupkeun kecap akses kanggo arsip cadangan eta, teras ketok

OKE.

Inget yen sagala perobahan nu Anjeun jieun ka data sareng setelan Anjeun saatos Anjeun

nyieun cadangan bakal dipupus salami prosedur malikan.